16/09/2016
Mohon petunjuk sareng solusi dari baraya tasik...
Punten wargi sadaya pami tiasa bade nyungkeun saran ti sadaya...
Caritana mah kieu,
Istrina rerencangan tos sasasih ieu sifatna janten robih pisan. Sering tetelepon bari haharewosan, mun ditaros ti saha teh, sok langsung ditutup tlpna... nyarios na ti rerencangan kantor atawa nu salah sambung. Teras akhir akhir ieu uih ti kantorna sok wengi wae, mun ditaros nyebatkeuna teh lembur da aya proyek di kantorna.
Tapi pas dicek slip gaji, teu aya catetan lemburna.
sareng ayeuna teh passwords hp sareng facebookna digentos tras Hp na sok dicacandak kamana wae, ka wc oge sok dicandak..
Margi curiga, nya rerencangan abdi teh nepangan bosna.
Bosna justru nerangkeun perusahaan nuju sepi order, sareng teu pernah deui aya karyawan nu lembur. Pas istri rerencangan abdi eta nyarios bade aya meeting sareng rekan bisnis perusahaan dina dinten minggu.
Akhirna rerencangan abdi teh panasaran hoyong nuturkeun dugika nambut motor, jaket sareng helm supados istrina teu apal nuju di tuturkeun.Pas mobil istrina liren diparkiran mall.
Rerencangan teh buru buru mareuman mesin motorna supados teu kadangueun kumargi knalpotna gandeng. Teu lami tidinya, aya hiji pameget nyampeurkeun ka mobil istrina. Teuras si istrina teh ngalih kanu mobil pameget eta, atuh tambih curiga wae rerencangan teh ningal kitumah...
Tah basa mobil lalaki eta bade maju deui, rerencangan abdi teh buru buru nyelah motorna bade nuturkeun mobil eta. Tapi tos diselah sababaraha kali ge, angger eta motor teh teu tiasa hirup wae..
Tah ayeuna anu bade ditaroskeun ku abdi teh nyaeta, kinten kinten masalahna teh aya dina naon ? naha dina busi ? karburator ? cdi ? atanapi akina kitu? dugika motorna teu tiasa hirup deui...??
Hatur nuhun,mangga di antos waleurana ...