27/05/2020
*_Assalamualaikum wr wb...*
*_Wening galih nu dipamrih..jembar manah nu di teda ._*
*_Rumaos seueur saur anu teu,_* *_kaukur...ucapan anu pasalia....tingkah paripolah nu teu merenah,_*
*_Mugi ulah janten tunggul sirungan....catang supaan ...bobot sapanon carang sapakan,_*
*_Neda agung cukup lumur ..neda jembar hapuntena ka sadaya wargi-wargi di grup ieu, sihapunten lahir tumekaning bathin,_*
*_Sasih Sya'ban bade amitan,_*
*_Ramadhan 1441 H. Dinten Enjing tos ngagupayan,_*
*_Hayu urang papag ku ati sanubari anu wening ..singkirkeun bangbaluh kalbu, kakait ati sinareng amarah ...singlarkeun rereged dosa._*
*_Hapuntena tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin anu disengaja atanapi anu henteu disengaja, alatan sepi ku pangarti suda ku katiasa, tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal ti gigir sausap kulit,_* *_Mudah-mudahan urang sadaya disucikeun tina saneskanten dosa sareng kalepatan sapertos bersih sareng sucina lawon bodas tina kokotor_*
Daun baros nanceb ngareuy, Daun ganyol dialaan...
Rumaos sok resep heureuy Sok banyol kamalinaan
Saninten buah saninten, Ngaleuya loba cupatan...
Hapunten hatur hapunten Samudaya kalepatan
Ngakeul ketan diadonan, Diadukeun sareng santen...
Sateuacan rengse sasih Romadhon Bade nyuhunkeun neda dihapunten
Wilujeung mapag sasih shaum mugia urang sadayana dipaparin kakiatan, kasehatan tur diwuwuh ku rizkina anu berkah, Aamiin 🤲🏼
*_Aamiin_Yaa Alloh YRA._*
*_Wassalamu'alaikum wr.wb._*
Ganis Sakulawargi--
Desa Cibiuk Ciranjang Cianjur Jawa Barat